Welcome to my blog, hope you enjoy reading
RSS

Sabtu, 29 Maret 2014

contoh carpon bahasa sunda


RUGI
            Geus saminggu teu papendak jeung kabogoh,asa lila.Bari ngalamun dina jandela,Udin ngabayangkeun tuluy kabogohna.
            “Akhirna isuk minggu.”Dina hate ”Urang bisa papanggih jeung kabogoh.”
            Poe isukna si Udin hudang subuh keneh sabab rek papendak jeung kabogoh,bebeja ka indungna mah rek olahraga di luar padahalmah apel diluar teh.Ditutungguan kabogohna teh,tapi geus sa jam ngaliwat kabogohna can datang wae.Tungtungna satengah jam ditutungguan deui kakara datang kabogohna teh.
            “Punten aa lami.”cek Nia
            “Ah teu nanaon Neng da nungguan na ge ngan sakedap.”cek Udin
            Saatos kitu Udin jeung Nia langsung jalan – jalan di alun alun kota.Bari melong kaendahan kota saur udin teh.Teu lila Udin jeung Nia diuk kusabab capek geus kukurilingan.
            “Neng ramenya jalan-jalan teh.”cek Udin
            “Ah ngadon capek aa teh,engke mah tong jalan-jalan deui.”cek Nia
            “Naha ? Padahal rame jalan-jalan teh!”tembal Udin”Ngarah sehat neng.”
            Nia teu ngajawab bari rada jamedud,Udin teh ngadon seuri we da disangkana hereuy.Tuluy we ku Udin teh diajak hereuy.Lila-kalilaan Udin rada sieun sabab Nia teu seuri wae kalah ngambek.
            “Naha Nia bet jadi ngambek ?”cek hatena”Oh...mereun cape jadi urang kudu meuli cai nginum.”Leos bari meuli cai
            Geus meuli cai Udin melong aya nu ngamen Ka Nia.Tuluy Nia teh jol seuri pas aya nu ngamen teh.Udin langsung nyampeurkeun tukang ngamen.
            “Mang.....ieu acis kanggo jajan budak”bari mere 50 rebu.
            “Alah nuhun...jang meni bageur ujang teh.”saur tukang ngamen
            “Teu nanaon Mang,pan Mang bieu ngamen ka kabogoh abdi dugi ka seuri kabogoh abdi na oge.”Bari ngaleos ka kabogohna.
            Udin jol masihan cai ka kabogohna,tapi angger jamedud keneh.Udin teh tuluy nyanyi nurutan tukang ngamen nu bieu,tapi angger keneh we.Udin keur nyanyanyian Nia Jol ngomong
            “Ari aa nanaonan jigah nugelo wae.”Rada ambek
            “Nyanyi Neng.Pan ngarah Neng seri.”cek Udin”Tadi ge basa aya nu ngamen pan Neng teh seri geningan.”
            “Abi seri teh hanes ku tukang ngamen,seri teh da abi mah ngupingkeun lagu dina headset.”Bari ngaluarkeun headset tinu Cepilna.
            Udin ngajenghok reuwas sabab tadi geus mere 50 rebu ka tukang ngamen.
            “Naha Neng lain ngabejaan tatadi.”Saur Udin
            ”Da aa na jol nyanyi bari teu puguh.”Saur Nia
            “Alah RUGI atuh ari kieu mah.”cek hatena,bari rada era.Nia rada nyerengeh seri ku kajadian eta.

0 komentar:

Posting Komentar