Welcome to my blog, hope you enjoy reading
RSS

Kamis, 05 Desember 2013

kabudayaan sunda


BAB 1
BUBUKA
A.    Kasang Tukang
Indonesia nyaeta nagara kapulauan anu loba pulau jeung boga suku, bahasa, adat istiadat atawa anu sering ku urang sebut nyaeta kabudayaan. Lobana budaya anu aya di Indonesia mangrupu buktu yen Indonesia teh nagara anu benghar ku budaya na.
Kabudayaan nyaeta salah sahiji kakayaan anu boga nilai pisan salain mangrupa ciri khas tina daerah oge jadi lambang tina Bangsa atawa Daerah.
B.     Watesan Masalah
Watesan masalah ieu di lakukeun supaya urang apal yen budaya garut teh naon wae salah sahijina.

C.      Maksud Jeung Tujuan

Maksud Makalah ieu nya eta pikeun nganyahokeun kabudayaan. Tujuanna tina nyieun makalah ieu nyaeta:
 a. nuntaskeun nilai
                                     b. bisa ngalestarikeun kabudayaan sunda
                                    c. Bisa apal kabudayaan sunda













BAB II

BAHASAN

A.    Teori
Suku sunda nyaeta suku nu aya di Provinsi Jawa Barat. Suku sunda nyaeta salah sahiji suku nu boga kabudayaan daerah, salah sahiji na nyaeta pakean tradisional, kesenian tradisional, bahasa daerah,  jst.
Kabudayaan nu di boga ku suku sunda nyaeta salah sahijina:
B. Pakaian Adat/Khas jawa Barat
                Suku sunda boga baju adat/tradisional anu terkenal, nyaeta kabaya. Kabaya mangrupi pakean khas Jawa Barat anu terkenal, slain kabaya teh pakean khas sunda kabaya ge jadi pakean adat nasional. Eta teh mangrupi bukti yen kabudayaan daerah bagian tina kabudayaan nasional.
C.  Kesenian Khas Jawa Barat
1.      wayang golek
Wayang goleh magrupi kasenian tradisional di Jawa Barat nyaeta kasenian anu nampilkeun jeung ngabawakeun alur carita nu aya sajarahan. Wayang golek teh nampilkeun golel nyaeta samacam boneka anu dijieun tina awi anu ngamerankeun tokoh tina eta carita paawayangan jeung di paenkeun na ku dalang di barengan ku nyanyian jeung musil tradisional Jawa Barat nu di sebut Dengung.
2.      Jaipong
Jaipong mangrupa tarian tradional di Jawa Barat, nu biasana nampilkeun panari nu ngagunakeun pakean khas Jawa Barat nu disebut Kabaya, ku dibarengan musik tradisional Jawa Barat nu di sebut musik jaipong. Jaipong biasana di paenkeun ku saorang tawa sakelompok panari anu ngagerakeun khas tari jaipong.
3.      Dengung
Dengung nyaeta sabuah kasenian sunda nu biasana di paenkeun acara hajatan. Kasenian dengung ieu di gunakeun sebagai musik pengiring. Dengung mangrupi sala sahiji kasenian nu populer di Jawa Barat.
4.      Rampak gendang
Rampak gendang mangrupa kasenian nu ti Jawa Barat. Rampak gendang nyaeta permainan nabuh gndang babarengan jeung ngagunakeun irama jeung ngagunakeun cara cara tertentu, umumna di paenkeun 4 orang nu boga ka ahlian khusus. Nu biasa di ayakeun acara pesta atwa acara ritual.
5.      Calung
Calung nyaeta kesenian ni di bawakeun na ku cara nakol lahun jadi ngahasilkeun nada anu khas. Biasana di bawakeun ku 5 orang atawa langkung.
6.       Pencak silat
Pencak silat mangrupa kasenian ti Jawa Barat, nu ayeuna mah atos janten kasenian Nasiaonal.  Awal aya na pencak silat mangrupa tarian anu ngagunakeun gerakan mirip bela diri . Jeng ngagge acuk anu warnana hideung, ngangge iket tinu bahan kaen ,teras ngangge beungket mastaka anu di sebutna iket. Anu umumna kasenian pencak silat di tampil keun  jeng di barengan ku musik anu di sebut gendang penca, nyaeta musik pangiring anu alat musikna ngangge gendang sareng tarompet.
7.      .Sisingaan
Sisingaan mangrupa kasenian anu asal na di daerah subang Jawa Barat. Kkasenian ieu di tampilkeun ku cara ngagotong patung nu bentukna sapertos singa nu di taekan budak leutik jeung di gotong ku 4 orang di barengan ku tabuhan gendang jeung tarompet. Kasenian biasana di tanplkeun di acara peringaan poe poe bersejerah.
8.      Kuda lumping
Kuda lumping mangrupa kasenian nu beda jeung nu lain, sabab di maenkeun ku cara ngundang roh halus sahingga jalmi nu bade ngamaenkeun siga kasurupan. Kasenian di maenkeun ku cara jalmi nu geus kasurupan naekan awi nu bentukna sapertos kuda jeung di iringan ku nabeuhan gendang jeung tarompet. Ka anehan kasenian ieu nyaeta jalmi nu merankeun na bisa mampu ngadahar beuling jeung jukut. Salain eta jalmi nu merakeun bisa di cepret sapertos hal na nyepret kuda. Biasana kasenian ieu di mimpin ku paawang. Kasenian ieu mangrupakeun nu   maenkeun na ngabutuhkeun ka ahlian nu khusus.










BAB III

PANUTUP

A.   Kesimpulan
Suku sunda anu aya di daerah Jawa Barat mangrupakeun suku anu gaduh rupi rupi kabudayaan, mimiti ti adat istiadat sapopoe, kasenian acara ritual, jst.
Budaya sunda nu populel di antara na nyaeta:
1.      Baju adat khas sunda anu di  sebut kabaya
2.      Wayang golek
3.       Jaipong
4.       Degung
5.      Rampak Gendang
6.      Calung
7.      Pencak Sila
8.      Sisingaan
9.      Kudalumping
































DAFTAR PUSTAKA



0 komentar:

Posting Komentar